Nganalisis Ciri-Ciri Struktur Biantara
a. Ngaidentifikasi Ciri-Ciri Biantara
Istilah
"biantara" dina basa Indonesia disebut pidato atawa orasi, nyaéta kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu penting. Biantara
atawa pidato bisa dilaksanakeun dina situasi formal bisa ogé informal.
Dina biantara aya tilu hal anu kaasup penting, nyaéta;
1. nu biantara
2. materi biantara
3. pamiarsa (balaréa)
Jalma anu ahli dina
biantara atawa pidato disebutna orator. Mun geus biantara, orator biasana perténtang, jeung pikaresepeun, matak genah nu ngadéngékeuna. Materi
biantara bisa rupa-rupa, upamana waé ngeunaan;
1. pulitik
2. ékonomi
3. atikan
4. seni
5. téknologi, jeung
6. agama.
Eusi matéri biantara bakal gumantung kana tujuan jeung saha pamiarsana. Pamiarsa
nu ngadangukeun ogé rupa-rupa umurna,
bisa barudak, rumaja, jeung kolot; bisa rupa-rupa kelompokna saperti ibu-ibu
pengajian, bapa-bapa, atawa campur. Tangtu wae materi biantara ogé kudu diperhatikeun.
Aya opat aspék nu kudu diperhatikeun dina biantara, nyaéta wirahma, wirasa, wiraga jeung wibasa (4W)
1.Wirahma, patali jeung ucapan tur lentong. waktu
biantara, ucapan kudu béntes jeung lentongna
jéntré. Urang kudu apal iraha waktuna ucapan bedas, jeung iraha ucapa kudu
alon.
2.Wirasa, patali jeung ngawasa tur ngajiwaan eusi
biantara. écés dina nepikeun eusi biantara, biasana mah direumbeuy ku gaya
basa, purwakanti, jeung pakeman basa saperti babasan jeung paribasa. Dina
nepikeun biantara kudu ngaguluyur, eusina kudu diluyukeun kana tingkat
intelektual pamiarsa.
3.Wiraga, nyoko kana pasemon jeung sikep awak.
Pasemon kudu marahmay, sorot panon diusahakeun sumebar ka pamiarsa. Tagog,
rigig, jeung réngkak kudu
alus tur marenah.
4.Wibasa, nyoko kana pilihan kecap anu marenah
jeung adegan basa anu bener. nempatkeun gaya basa, purwakanti, jeung pakeman
basa kudu merenah sangkan pikatajieun. Bisa ogé nyelapkeun banyol atawa humor. Kecap-kecap anu dipaké kudu ngaruntuy jeung ngéntép seureuh. Ulah réa sumpang-simpang ka
ditu ka dieu teu puguh.
b. Niténan
Struktur Biantara
Biantara atawa téks biantara
ngabogaan struktur nu has, nyaéta
1. Bubuka ;
- salam bubuka,
- eusi bubuka
2. Pedaran eusi;
- ngawawarkeun / déklaratif
- ngageuing / aklamatif
- méré pituduh / impératif
- mangaruhan / persuasif
3. Panutup;
- eusi panutup
- salam panutup
Nilik kana wangun
jeung eusina, téks biantara
"Cai Dina Angen-Angen Urang Sunda" téh struktur atawa adegana kieu;
1). Bubuka
Bagian bubuka
ngurung salam bubuka jeung eusi bubuka. Salam bubuka biasana nepikeun
salam tur muji sukur ka Pangeran atawa Gusti Alloh SWT. Ilaharna
saméméh biantara sok ngucapkeun salam. Malah dina biantara formal sok
diucapkeun salam ti rupa-rupa agama.
Ari conto téks biantara di luhur
maké salam saperti ieu
di handap;
"Assalamu’alaikum Wr. Wb."
"Sampurasun,"
Aya ogé nu sok ngadugikeun solawat jeung salam ka Kangjeng Nabi Muhammad
SAW, gumantung saha hadirinna. lian ti éta, dina bubuka ogé biasana mah dibéjakeun jejer atawa téma anu rek ditepikeun dina biantara.
Dina téks biantara di luhur, bubuka ditepikeun dina dua paragrap pangjajap, anu
dipiheulaan ku kalimah panghormat. Ucapan panghormat ditepikeun ka girang
pangajén jeung hadirin.
Pangjajapna ditepikeun dina dua paragrap, nyaéta:
1. Puji sukur ka Gusti Anu Maha Suci sarta solawat
ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, jeung
2. Ngabejakeun jejer biantara nu rek ditepikeun
ngeunaan "Cai Dina Angen-Angen Urang Sunda"
2). Pedaran Eusi
Pedaran eusi nyoko
kana bagian biantara anu eusina nepikeun maksud atawa informasi anu
dibiantarakeun.
ari sipat eusi biantara aya opat rupa, nyaéta;
- méré béja, ngawarkeun / déklaratif
- ngageuing / aklamatif
- méré pituduh / impératif
- mangaruhan / pérsuasif
Eusi biantara "Cai Dina Angen-Angen Urang Sunda"
leuwih muser kana ngawawarkeun jeung ngageuing.
Dumasar teksna, eusi biantara "Cai Dina Angen-angen Urang Sunda" dipidangken dina 6 paragrap, nyaéta paragrap 3 nepi ka paragrap 8.
paragrap 3 : eusina ngeunaan
harti jeung pentingna cai keur urang Sunda nepi ka méré ngaran tempat
ogé maké kecap cai atawa patali jeung cai.
paragrap 4 : eusina ngeunaan
ngaran tempat bari teu merhatikeun kasang tukang sajarah.
paragrap 5 : eusina ngeunaan
nu ngatur cai di sawah di lembur nu disebut ulu-ulu.
paragrap 6 : eusina ngeunaan
raketna manusa jeung alam, kaasup cai, nepi ka muncul paribasa "ka cai
jadi saleuwi, ka darat jadi salebak".
paragrap 7 : eusina ngeunaan
pentingna cai nepi ka aya kacapangan "lamun leuweung dibukbak, hirup
bakal balangsak" leuweung teh sumberna cai, lamun tatangkalan
dituaran, walungan jadi saat. lamun hujan, gawir urug (longsor), jalan
kakeueum, walungan caah (banjir)
paragrap 8 : eusina
ngeunaan awal ciatah dijualan pikeun nginum, mimitina tina gagasan Tirto Utomo
ti Wonosobo, anu ayeuna jadi milyarder lantaran boga pabrik cai kemasan.
3) Panutup
bagian panutup ngurung eusi nu mangrupa kacindekan jeung salam penutup.
bagian kacindekan nyoko kana kacindekan tina eusi biantara, malah sok
dibarengan ku du’a.
dina paragrap 9 ditepikeun kacindekan ngeunaan cai gedé gunana pikeun kahirupan lamun dipiara, tapi lamun teu dipirosea bakal
jadi mamala ka manusa. bagian panutup sok ditepikeun ogé sanduk-sanduk menta
dihampura. Ari sababna , nu biantara handap asor tur teu sombong, ngaku
kana kakurangan jeung kasalahan diri, tur lain ahlina. Ieu di handap ucapan
menta dihampura anu diteikeun dina wangun sisindiran.
beunteur desa kasorogok
pelmna karasa baé
seeur basa anu nyogok
tebih tina basa saé
cantigi di alun-alun
dicacar dapuranana
mugi agung cukup lumur
neda jembar hampurana
Jaba ti éta dina bagian
panutup biantara sok dideudeul oge ku du’a sangkan nu biantara jeung nu
ngaregepkeun biantara aya dina kasalametan jeung kabagjaan. Kana bagian
panutup kaasup ogé salam panutup, nyaéta ucapan salam
minangka ciri yén biantara geus lekasan,
malah bisa jadi ditutup ku moto geura tengetan contona ieu di handap
"Wassalamu’alaikum warohmatullohi
wabarokaatuh"
"Hurip Sunda!"
c. Ngaguar Padika Jeung Gaya Biantara
Dina biantara aya
rupa-rupa padika jeung gaya. padika biantara mangrupa cara-cara jeung léngkah dina waktu biantara. ari gaya biantara mangrupa lagam jeung sipat
dina waktu biantara.
1) padika biantara
aya opat padika dina biantara, nyaéta dadakan, catetan ringkes, naskah jeung talaran.
a) biantara dadakan (impromtu) nyoko kana cara
biantara nu ngadadak, henteu tatahar heula, tur teu maké naskah. Waktu biantara dadakan , nu biantara ditodong sangkan biantara
harita kénéh (improvisasi) ku
ngandelkeun kaweruh jeung kanyahona. Ku lantaran ngadadak, eusi biantara sok pondok, jejerna
bebas, tur réngsé dina waktu nu geus ditetepkeun. Najan kitu aya hengkérna, ilaharna eusi biantara bisa ngacacang kamana karep tur kurang
ngéntép seureuh.
b) biantara catetan ringkes (ékstemporan) nyoko kana cara biantara bari nempo rangkay atawa runtuyan singget tina hal-hal penting nu
dibiantarakeun. Eusi biantara ngéntép seureuh (terpola). kahengkeran ieu cara, nu biantara teu kaur nempo
wae catetan atawa runtuyan biantara.
c) biantara naskah (manuskrip) nyoko kana biantara
ku cara maca naskah. ilaharna biantara nu sifatna resmi atawa
formal. Tujuanana pikeun ngurangan kasalahan waktu biantara. atuh saméméhna kudu dijieun
heula naskahna. munasabah lamun eusi biantara leuwih jéntré eusina, ngaguluyur, tur leuwih ngéntép seureuh. ku lantaran
bari maca naskah. Cara biantara naskah matak pikaboseneun.
d. biantara talaran (memoriter) nyoko kana
biantara kucara ditalar atawa dihapalkeun heula naskahna. Eusi biantara
bisa ngaguluyur tur ngentep seureuh ieu biantara teh bisa ngalatih ingetan nu
biantarana. Ari hengkerna, ku lantaran beunang ngapalkeun, bakal kaciri
arapap-eureupeup mun nu biantara poho.
2) gaya biantara nyoko kana lagam,
sikep jeung paripolah, nu biantara. bisa dipangaruhan ku kamampuh nu
biantarana. aya genep gaya biantara saperti ébréh di handap.
a) lagam biantara agama (religius) nyoko kana gaya
biantara kaagamaan saperti ceramah agama, hutbah, atawa pangajian.
b) lagam biantara agitator nyoko kana gaya biantara
anu ditepikeun kalawan agresif, persuasif, jeung politis. ilaharna dina
kagiatan anu udaganana mangaruhan balaréa, umpamana waé kampanyeu.
c) lagam biantara atikan, (didaktik) nyoko kana
gaya biantara ngajar di kelas, sipatna ngabejaan, ngalatih, jeung ngawurukan.
ilaharna biantara anu ditepikeun ti guru ka muridna, jeung ti saluhureun ka
sahandapeun.
d) lagam biantara guneman (konversasi) nyoko kana
gaya biantara anu ditepikeun kalawan antaré, écés jéntré, tur ngéntép seureuh siga keur
paguneman. Ilaharna biantara dina kagiatan rapat, riungan, atawa seminar, nu
kawatesanan.
e) lagam biantara sentimentil nyoko kana biantara
nu sipatna ngajen tur meunteun kaunggulan atawa kahéngkéran hiji hal. Eusi
biantara bisa ngeunaan kabungah saperti dina seserahan atawa kasedih saperti
dina kapapaténan.
f) lagam biantara téater nyoko kana gaya biantara anu sipatna saperti aktor metakeun
pagelaran drama atawa teater. ilaharna anu biantara nembongkeun pasemon,
rengkak,jeung lentong anu diluyukeun kana eusi biantara.
Pancén hidep
pikeun maham ngeunaan biantara, pék jawab sakur pananya ieu di handap.
1. antara padika biantara jeung gaya biantara téh aya bedana. tetelakeun bedana padika jeung gaya biantara
2. biantara téh ilaharna
dimimitian ku salam jeung ditungtungan ku salam. tetelakeun sasaruaan jeung bedana
salam bubuka jeung salam panutup.
3. kumaha bedana padika biantara catetan ringkes
jeung padika biantara talaran?
4. kumaha bédana biantara lagam
atikan jeung lagam agama?
5. saha waé anu kawéntar alus tur dipikaresep biantarana, boh dina widang agama atawa widang
atikan boh dina widang pulitik?
Komentar
Posting Komentar