Biantara

 Pamekar Literasi Siswa

    Ahli biantara atawa pidato téh disebutna orator. Biantarana sorangan disebutna orasi. Di Indonésia kungsi aya nu kawéntar jadi orator ulung, nyaéta Soekarno (Bung  Karno), Présiden RI kahiji. Anjeuna capétang dina biantara tur sohor ka luar negri. Gaya biantarana has tur pikatajieun  nepi ka réa rahayat nu ngahaja ngaregepkeun biantara Bung Karno tina radio. 

    Ceuk béja, di tatar Sunda ogé aya anu kasohor capetang biantarana, nyaeta R. Oto Iskandar dinata. ku capétang-capétangna dina biantara tur gede wawanena,  R. Oto Iskandar dinata,  nelah Si Jalak Harupat. Ari jalak harupat téh ngaran warna bulu hayam adu anu alus (KUBS, 1987:178)

    Omongan-omongan ahli biantara mah babari kaharti jeung matak nyerep kana haté. Malah bisa mangaruhan jalma réa. Ku kituna, pamiarsana oge réa. Dina widang agama Islam, kungsi aya kyai anu sohor ceramah atau da'wahna nepi ka katelah "kyai sajuta umat", nyaéta K.H. Zainudin M.Z. (suargi). 

    Tangtu waé hidep ogé hayang capétang dina biantara. Hidep ogé bakal bisa asal sering ngabandungan batur nu biantara. Bisa ogé latihan-latihan di hareupeun  babaturan di jero kelas. Diajar biantara  di kelas bisa jadi bekel hidep engké di masyarakat atawa di tempat pagawéan. Hidep ogé tangtu kungsi nempo jalma anu keur biantara boh langsung boh dina TV. Pék ayeuna hidep nyatetkeun hal-hal penting dina eusi biantara anu ditepikeun ku salasaurang jalma.            

1. Jejer/tema biantara :

2. Nu biantara        :

3. Hal-hal penting   :


A. Panitén Basa

Maham Eusi Teks Biantara

Biantara téh nyarita di hareupeun jalma réa, bisa ditalar, bisa oge maké téks. téks nu disusun pikeun biantara disebutna naskah biantara. di handap ieu aya conto naskah biantara dina pasanggiri biantara siswa SMA sa-Jawa Barat nu diayakeun ku BKOW Provinsi Jawa Barat (2012). pék baca naskah dina jero haté.


Cai dina angen-angen urang Sunda

Assalamu'alaikum Warohmatullohi wabarokaatuh.

Sampurasun.

Girang pangajén anu ku sim kuring dipiajrih, hadirin anu sami rawuh, réréncangan, para patandang pasanggiri anu sami hadir. 

langkung ti payun, mangga urang sami-sami menekung neda papayung ka Gusti Anu Maha Agung, mujasmedi nyanggakeun puji ka Gusti Anu Maha Suci. teu hilap solawat miwah salam, urang sanggakeun ka Nabi pinuji, Rosul jungjungan alam,  Muhammad solallohu alaihi wassalam.  Pamugi sadaya ajaranana sing natrat janten  sapaat keur umatna saampar jagat. 


Girang pangajén anu ku sim kuring dipiajrih, 

Ibu /Bapa hadirin anu sami rawuh, 


Luyu sareng ugeran ti panata calagara, wiréh pasanggiri biantara ayeuna téh jejerna perkara lingkungan.  Mung jalaran perkara lingkungan téh kacida lega ambahanana, sim kuring badé ngawatesanan waé perkara cai dina angen-angen urang Sunda. 

Hadirin anu sami rawuh, 

Mun urang maca kamus basa Sansekerta, kacatet léma Sunda téh hartina cai, ngagenclang jeung hérang. Iyeu bisa jadi bukti yén cai dianggap penting ku urang Sunda. jadi bukti ogé yén kahirupan urang Sunda raket pisan jeung alam, pangpangna jeung cai. memang keur kahirupan manusa, kaasup urang Sunda, cai téh dianggap kabutuh anu utama. 

Ku pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, katitén tina ngaran patempatan atanapi toponimi anu salawasna nuduhkeun cai, atanapi sakurang-kurangna aya patalina jeung cai.  Contona wae, Cinangka, Cicaheum, Cimahi, Ciomas, Cibeureum, Cikiruh, 6 kecap éta dikawitan ku kecap "ci". atuh Séképanjang,  séképondok, dikawitan dina kecap "séké" anu hartosna sumber cai atawa hulu cai. aya deui balong gedé, situ aksan, rancabolang, leuwi gajah, leuwi liang  Apan kecap balong, situ, ranca sareng leuwi téh sami nuduhkeun cai. 

Ngan hanjakal ayeuna mah ngaran lembur teh dirobah bari teu neueul kana kasang tukang sajarah.  Geura wé, Ranca bolang ayeuna mah salin rupa jadi Margahayu Indah. Cijaringao dirobah jadi antapani indah. padahal kecap indah dina basa Sunda mah hartosna méncrét. Tangtos hal iyeu kedah aya panitén ti para pengembang perumahan sareng pamaréntah, yén méré ngaran teh ulah sagawayah. Bisi jadi geuhgeuyan ahli basa jeung sajarah.


Hadirin anu sami rawuh, 

Lain wae tina ngaran tempat, ku penting-pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi dina perkara ngatur cai keur tatanén atawa ngebon.  di pilemburan,  jalma anu gawéna ngatur cai téh disebutna ulu-ulu. matak di lembur anu masih kénéh make tradisi ulu-ulu, tara kacatur aya jalma parebut cai. da cai téh diatur sakumaha kuduna.

salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda,  bisa kacrukcruk ogé tina paribasa. Geuning aya paribasa anu unina kieu: "Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak".  Ieu paribasa téh hartina hirup kudu  runtut raut sauyunan, sareundeuk saigel sabobot sapihanéan, hirup kudu sapapait-samamanis. Mung upami diguar langkung jembar deui, dina eta paribasa téh katitén aya angen-angen anu jero. kecap leuwi nuduhkeun tempat anu pangjerona dina walungan. hartina moal aya leuwi mun walunganana saat. kecap darat oge ngantét jeung lebak. moal aya lebak mun gawirna urug. Gawir urug biasana ku cai limpas ti walungan nu keur caah déngdéng atanapi aya cileuncang anu teu katadah ku kakayon. Ku kituna, mun disusud leuwih jero harti paribasa "Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak" téh lain ngan saukur nuduhkeun hirup sauyunan, tapi aya sawangan hirup nu ajeg kana lingkungan. Nuduhkeun kumaha raketna urang Sunda jeung lingkungan alam.

Hadirin anu sami rawuh,

Salajengna, ku naon urang Sunda ngarasa penting ku cai? dina kahirupan urang Sunda  aya kacapangan atawa babasan mun leuweung dibukbak hirup bakal balangsak. 

Ieu ungkara téh mibanda harti anu lega, kunaon ulah ngabukbak leuweung, lantaran dileuweung loba kakaian. Ari kai téh sumber cai. Jadi, mun kai dituwaran, cai bakal ngorotan. Mun euweuh cai, apan hirup bakal balangsak. Contona kamari di rorompok teu aya cai. Pun bapa kapaksa muruhkeun ngebor dugi ka tilu puluh meter jerona,  atuh waragadna ge dugi ka jutaan. Kapaksa mayar SPP ka sakola dianjuk heula. 

Ngan cai gé bisa jadi lahan usaha. Geura, aya urang Wonosobo, jenenganana Tirto Utomo. keur mayar SPP kuliah, anjeuna ngajualan cai hérang dikantongan. Ku babaturana pada ngahina, majarkeun: "Ari manéh Tirto, kawas nu gélo, ngajualan cai hérang di kantongan. Yeuh Tirto, batur gé nu ngajualan és krim, loba nu rugi". Sakitu dipoyok, Pa Tirto téh henteu pundung, malah beuki yakin kana usaha ngajualan cai. Sapuluh taun ti harita, Pa Tirto jadi miliarder cai. buktina cai dagangan Pa Tirto jadi kacapangan urang saréréa, usahana ge geus ngadunya, kasohor mérékna.


Hadirin anu sami rawuh,

Cindekna, cai téh kacida pentingna keur kahirupan manusa, kaasup urang Sunda. mun urang bisa miarana, cai téh loba pisan mangpaatna. Malah bisa dijadikeun lahan usaha. Ngan mun teu dipiroséa, cai ge bisa jadi mamala, buktina caah téa. 

Girang pangajén anu ku sim kuring dipiajrih.


Hadirin anu sami-sami rawuh,

Kitu manawi angen-angen urang Sunda kalebet sim kuring ngeunaan kumaha pentingna cai keur kahirupan manusa. Tangtos seeur keneh guareun, ngeunaan cai téh, mung jalaran kauger ku waktos, sakieu anu tiasa didugikeun dina ieu biantara. 

Hapunten bilih kirang tata titi duduga peryoga,  da sanés sarjana ahli basa, teu bodo-bodo acan. 

Beunteur désa ka sorogok

Pelemna karasa baé

Seeur basa anu nyogok

Tebih tina basa saé


Moal seeur anu dicatur, mung sakieu anu tiasa kapihatur.


Cantigi di alun-alun

Dicacar dapuranana

Mugi agung cukup lumur

Neda jembar panghampurana


wassalamu'alaikum warohmatullohi wabarokaatuh

Hurip Sunda

Diropéa tina téks biantara Mila Patmawati, pasanggiri biantara siswa SMA sa-Jawa Barat,

BKOW Provinsi Jawa Barat  (2012)




Referensi:

Buku panggelar basa Sunda (MGMP basa Sunda) 

   

                  

   



   

Postingan populer dari blog ini

Nganalisis Ciri-Ciri Struktur Biantara